Senin, 31 Oktober 2011

PIDATO BAHASA SUNDA


PIDATO BAHASA SUNDA
Kepala Desa Sukaharja Dina Acara Idul Fitri 1432 H / 20011 M
Oleh : Sobarudin
Assalaamu’alaikum warohmatulloohi wabarokaatuh
Alloohu akbar  9 kali
Alloohu akbar kabiro  walhamdulillaahikasiiro wasubhanalloohibukrota wa’ashiila
Laailaaha illallooh allohu akbar walillaahilham.
Hadirin Jamaah hari raya idul fitri anu aya dina kasinugrahaan anu kusimkuring dipihormat,

          Puji urang sami dugikeun ka gusti anu Maha Suci, puja urang sarua sanggakeun ka anu Maha Kawasa, nyatana Alloh SWT. Ngalangkungan rahmat sareng hidayah-Na urang sadaya masih nampi limpahan ni’mat diantawisna ni’mat Iman, Islam, sehat oge kasempetan.
Rohmat miwah kasalametan mugi Alloh dugikeun ka junjungan urang sadaya, yakni kanjeng nabi Muhammad SAW, para kulawargina, para sahabatna oge mudah-mudahan dugi kaurang sadaya anu ngangken salaku ummatna anu berusaha tuhu patuh kana ajarana.

Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, kalayan di susul ku dagdigdugna sora bedug, dituturkeun  ku darderdorna sora berecon jeung air mancur di awang-awang,  dipirig ku ngagedur jeung ngagemana  sora takbir ti sakuliah  alam dunya, mawa ngarakacak jeung ngahelasna hate dumeh urang sadaya bade di tinggalkeun ku bulan anu agung, bulan anu mulya, bulan anu pinuh ku rahmat kasih sayang Alloh, bulan pinuh ku  pangampurana Alloh , bulan dibebaskeunana jalma-jalma mu’min anu bener-bener puasana karena Alloh tina rohakana seuneu api naraka.

Gumuruhna takbir di akhir romadon anu mawa ciciren rengsena ibadah saum urang salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung taraweh sarta ibadah Romadon sejena tos rengse dilaksanakeun. Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran loba dahareun atawa make pakean sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah saum Romadon. Urang sadaya miharep mudah-mudahan naon bae amalan urang sing janten amalan anu di tampi ku Alloh  tur naon bae dosa urang sadaya meunang pangampurana Alloh SWT, amin...

Hadirin jamaah hari raya idul fitri anu aya dina kasinugrahaan, anu kusimkuring dipihormat,

         Sateu acan ngabacakeun sambutan Bupati Kabupaten Kuningan, widian simkuring kanggo ngadugikeun sambutan atas nami pribadi, keluarga sareng lembaga-lembaga anu aya di desa Sukaharja saperti: Pamarentah Desa, BPD, LPM, PKK, Karang Taruna sareng LKM.
Simkuring sadar yen salaku mahluk anu jauh tina kasampurnaan jeung teu leupas tina kasalahan, tos pasti dina enggoning ngemban amanat ieu ngalakukeun kasalahan, boh kasalahan anu dihaja atawa teu dihaja, kasalahan anu patal atawa kasalahan anu sapele, kasalahan anu mawa raheutna manah para wargi sadaya, kukituna pantes pisan simkuring ngadugikeun ungkapan :
-        Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nusampurna, Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah,  Laligarna tarate dina talaga hate nyambuang seungit malati nu ligar dina taman ati, Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu.
-        Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari , Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu teu sulaya, Mugia cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan, Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja.
-        Nyukcruk laku sunah Rasul, mapay lacak ajaran  Islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim, Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh,
-        Kaluluputan kalelepatan simkuring miwah kulawargi sareng saparakanca di lembaga anu aya, mugia ihklas ngahampura, boboran syiam pikeun nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Syiam 1432 H. Kalayan kairing ku do’a Taqobalallohu minna waminkum syimana wa shiyamakum. Minal ‘aidzin wal faidzin  ka sadaya masyarakat desa Sukaharja.
Eta pisan minangka sambutan simkuring atasnami pribadi, kulawarga sareng lembaga anu aya di Desa Sukaharja. Salajengna simkuring bade macakeun sambutan Bupati Kabupaten Kuningan.
                                              

Tidak ada komentar:

Posting Komentar